CAMARA SUNDA 1
CARITA MACA AKSARA SUNDA
Penulis: Tini Rukmini, S.Pd.
Halaman: viii + 79 hlm
Ukuran: A5
Kertas: Bookpaper
Isi: Hitam putih
Cover: Softcover
Tahun Terbit: 2025
Harga: Rp45.000
Sinopsis:
Buku CAMARA SUNDA wancahan tina Cara Maca Aksara Sunda mangrupi kumpulan carita salinan aksara sunda, anu seueurna 22. Mangrupi hasil kutrat -kotrét panyusun di taun 2022 nalika masihan bahan aoseun aksara sunda waktos ngolah murangkalih dialajar aksara sunda.
Hasil kutrat- kotrét sareng ngadokuméntasikeun ieu bahan bacaan. Mugia janten sasieur sabeunyeureun, ngiring aub dina raraga minuhan kabeungharan karya sareng karsa bahan bacaan aksara sunda.
CAMARA ngaran hiji tangkal anu ngandung filosofi anu saé. CAMARA tangkal anu miboga akar anu kuat jeung jero. Ku kituna tangkal CAMARA sok dipelak dina raraga nguatkeun taneuh supaya henteu gampil keuna ku longsor ogé abrasi.
Lain ngan saukur akar, tangkal jeung dahan CAMARA kuat nahan gelebugna angin anu tarik. Ku kituna tangkal CAMARA hiji tangkal anu gedé mangfaatna jang ngajaga kasaimbangan alam dunya.
Hal éta ngajadikeun inspirasi jang panyusun ngajudulan ieu buku CAMARA SUNDA. Mugia ieu buku jadi panguat para murid anu hayang diajar aksara sunda kalayan anteb tur bener.
CAMARA SUNDA mugia tiasa janten aoseun murangkalih anu sanés dina raraga diajar maca sareng nulis aksara sunda.
Gedur sumanget nanjeurkeun aksara sunda, dimimitian ku Bismillah, nyieun sumbangsih karya anu cenah meureun cek baturma jauh ka alus jeung teu keuna kana bagbagan aturan tulas- tulis anu bener. Tapi urang kawitan ti karya anu leutik mugia isukan caang padang narawangan.
Aksara sunda jadi pangirutan, nanjeur salalawasna. Bari jeung némpél dina gurat anu kurang tata – titina. Mugia ieu buku, janten guar ungkabeun nu nyaring pikir, anu weruh disemuna, anu rancagré dina haténa.





Reviews
There are no reviews yet.