CAMARA SUNDA 3 CARITA MACA AKSARA SUNDA – Toko Buku SIP Publishing

Senin - Jum'at : 08.00 - 16.00 WIB | Sabtu : 08.00 - 13.00 WIB

CAMARA SUNDA 3 CARITA MACA AKSARA SUNDA

Rp55.000

Category:

CAMARA SUNDA 3
CARITA MACA AKSARA SUNDA

Penulis: Tini Rukmini, S.Pd
Halaman: xiv + 108 hlm
Ukuran: 14 x 20 cm
Kertas: Bookpaper
Isi: Hitam Putih
Cover: Softcover
Harga: Rp 55.000

Sinopsis:

Buku CAMARA SUNDA 3 wancahan tina Carita Maca Aksara Sunda. Mangrupi kumpulan carita salinan aksara sunda, anu seueurna 30. Mangrupi hasil kutrat- kotrét panyusun, terasan tina buku jilid 1. Nalika masihan bahan aoseun waktos ngolah murangkalih dialajar aksara sunda.

Hasil kutrat- kotrét bahan bacaan dina jilid 3 ieu. Ngagaduhan maksad nambahan wawasan anu langkung euyeub ku élmu pangaweruh. Mugia janten sasieur sabeunyeureun, ngiring aub dina raraga minuhan kabeungharan karya sareng karsa bahan bacaan aksara sunda.
CAMARA ngaran hiji tangkal anu ngandung filosofi anu saé. CAMARA tangkal anu miboga akar anu kuat jeung jero. Ku kituna tangkal CAMARA sok dipelak dina raraga nguatkeun taneuh supaya henteu gampil keuna ku longsor ogé abrasi.

Lain ngan saukur akar, tangkal jeung dahan CAMARA kuat nahan gelebugna angin anu tarik. Ku kituna tangkal CAMARA hiji tangkal anu gedé mangfaatna jang ngajaga kasaimbangan alam dunya.

Hal éta ngajadikeun inspirasi jang panyusun ngajudulan ieu buku CAMARA SUNDA JILID 3. Mugia ieu buku jadi panguat para murid anu hayang diajar aksara sunda kalayan anteb tur bener.

CAMARA SUNDA mugia tiasa janten aoseun murangkalih anu sanés dina raraga diajar maca sareng nulis aksara sunda.
Gedur sumanget nanjeurkeun aksara sunda, dimimitian ku Bismillah, nyieun sumbangsih karya anu cenah meureun cek batur mah jauh ka alus jeung teu keuna kana bagbagan aturan tulas-tulis anu bener. Tapi urang kawitan ti karya anu leutik mugia isukan caang padang narawangan.

Aksara sunda jadi pangirutan, nanjeur salalawasna. Bari jeung némpél dina gurat anu kurang tata – titina. Mugia ieu buku, janten guar ungkabeun nu nyaring pikir, anu weruh disemuna, anu rancagé dina haténa.

Reviews

There are no reviews yet.

Be the first to review “CAMARA SUNDA 3 CARITA MACA AKSARA SUNDA”

Your email address will not be published. Required fields are marked *

SIP BOOKSTORE

Kantor Pusat

Kantor Pelayanan

Copyright SIP Publishing | Design by Zhafira Media